Kategori
#ReboNyunda Catutan Pinggir Sunda

Sang Kuriang Perlambang Manusa Kiwari

sang kuriang utuy t sontani

Ku Utuy T. Sontani, éséy tina majalah Sunda (1953)

Sang Kuriang téh ari ceuk Mang Salmun mah cenah Sang Guriang. Ari Guriang hartina mahluk (nu jahat?) turunan Déwa. Mun kecap, “nu jahat” di antara kurung teu kudu maké tanda-tanya deui, moal rék salah-salah teuing, da kapan nurutkeun carita asalna ogé Sang Kuriang téh turunan anjing jeung bagong, ari geus gedé keukeuh peuteukeuh ngajak kawin ka indung sorangan, dibélaan daék nohonan jangji nyieun situ jeung parahu dina jero sapeuting, keur lalayaran oléng panganten. Tapi da puguh nu hayang kawin ka indung sorangan mah mahiwal ti batur, nya jangjina teu katedunan, Sang Kuriang kabeurangan, parahuna nu keur lalayaran téa nangkubna nepi ka kiwari. Keur urang Bandung atawa nu araya di Bandung mah, lamun ngarérét ka beulah kalér kana jegirna gunung Tangkuban Parahu pihariteunana kudu inget yén pacuan ulah rék kawas Sang Kuriang, nyieun peta malancidar, pacuan ulah rék kawas raja kahampangan dina batok kalapa bisi cikahampangan diinum bagong nepi ka reuneuh, sarta pacuan ulah rék kawas Dayang Sumbi – indung Sang Kuriang – boga anak ti anjing.

Bisi pamali atawa bisa jadi lantaran embung disebut kasar budi, nu matak ku bujanggana dicaritakeun yen raja kahampangan dina batok soténan. Da ari saenyana mah moal salah-salah teuing upama dihartikeun yén raja teh waktu ngaronda ka pakampungan bogalampah ka parawan desa, nepi ka si eta parawan téh kakandungan tur ngalahirkeun anak. Ari Dayang Sumbi nu boga anak ti Si Tumang, moal salah-salah teuing mun dihartikeun yén saenyana mamh putri téh boga lampah jeung ponggawa raja nu pangkadeuheusna nepi ka kakandunganana tur nepi ka bogana anak, nya Sang Kuriang.

Bisa jadi aya deui pihartieunana nu séjén. Tapi najan kukumaha ogé, sigana moal aya nu rék ngabantah yén pihartieunana dongeng Sang Kuriang téh keur nu araya di Bandung mah mérééling: samangsa-mangsa ngarérét ka Gunung Tangkuban Parahu kudu inget yén hirup teh ulah rék… krisis moral kawas Sang Kuriang atawa kawas Dayang Sumbi indungna, atawa kawas raja, akina!

Ari Sang Kuriang mah saenyana lain ngan krisis moral wungkul, lain ngan mikahayang kana badan nu jadi indung wungkul. Tapi ogé… krisis kapercayaan. Da kapan sakitu geus dicaritakeun ogé ku Dayang Sumbi yén nu dipikahayang teh indung sorangan tapi, ih, keukeuh henteu percaya!

Ari manusa téa, lamun geus teu percaya, pihartieunana euweuh cecekelan. Ari manusa nu geus euweuh cecekelan, geus euweuh kapercayaan téa kapan… dina jaman kiwari mah mani balatak. Anu tétéla waé, jelema kiwari mah golongan luhurna loba nu geus teu percaya ka papada manusa, malah teu percaya ka Pangeran, ari di golongan handapna kapan teu saeutik nu geus teu percaya ka… pamingpin.

Cindekna jalma modél Sang Kuriang téh dina jaman kiwari mah teu saeutik. Nu matak kacida milu atohna mun carita Sang Kuriang ku alpukahna R.T.A. Sunarya (nu kungsi nunilkeun “Lutung Kasarung” téa) ayeuna téh dihirupkeun deui ku jalan rék di kana panggungkeun, rék ditunilkeun.

Milu atoh téh lain sapédah éta carita dipindahkeun tina asal didongéngkeun jeung dibaca kana dijieun lalajoaneun. Palebah dinyana mah geus jadi bakatna hasil kabudayaan kudu millu robah ku majuna kahayang manusa. Asal didongéngkeun, robah maju jadi ka baca. Ari ayeuna bakal dilalajoan bari jeung disambaraan ku tatabeuhan katut jeung ugal-igelna.

Ari babakuna pisan mah atoh téh lantaran Sang Kuriangna; lantaran nu dihirupkeun téh Sang Kuriang, lain Ciung Wanara atawa carita pusaka Sunda nu séjénna.

Da mun seug manusa Sang Kuriang bisa dihirupkeun deui kalawan jeung kateuleuman krisis moralna, kajugjugan krisis kapercayaanana kapesék eusi kalbuna, sok piraku pirupaeunana teu siga… manusa kiwari nu lain ngan baé aya di Priangan di Pasundan, tapi aya di mana-mana: di nu sok makmak-mekmek korupsi lantaran bejad moral, di nu sok loba jangji tapi prakna kabeurangan jeung di rayat murba nu ngarasa kaluman lantaran surud kapercayaan!

 

 

Kategori
#ReboNyunda

Budaya Sunda Posmodéren

Ku Yasraf Amir Piliang, éséy dina Cupumanik No. 58 (Mei 2008)

Paguneman ngeunaan budaya Sunda katut ajén-inajén kasundaan, upama dipatalikeun kana kamekaran budaya dina jaman posmodéren kiwari, geus ngalantarankeun urang nyanghareupan rupaning rélasi nu kompléks. Ari sababna mah kaweruh ngeunaan posmodérenismeu katut posmodérenitasna gé geus kompléks.

Kamekaran globalisasi ékonomi, budaya katut informasi, pon kitu deui tumuwuhna budaya éléktronik, digitalisasi informasi katut réalitas virtual geus mawa pangaruh nu pohara gedéna kana kamekaran budaya Sunda katut ajén-inajén kasundaan. Budaya Sunda kiwari nyanghareupan situasi dilématis antara nu dipiharep jeung nu ngancam tina posmodérenismeu.

Kondisi posmodérenitas geus nimbulkeun parobahan nu nyosok jero dina budaya matéri (material culture). Rupaning kamonésan budaya nu jul-jol ti luar milu mangaruhan jengléngan budaya matéri Sunda.

Kategori
#ReboNyunda

Basa Budak

ulin jarambah cikapundung

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 17 (Desember 2004)

Dina basa Sunda aya nu disebut basa budak, nyaéta sawatara kecap anu biasa digunakeun ku budak, atawa ku kolot ari nyarita jeung budak anu nyaritana tacan bener, upamana “emam”, “mamam” (dahar, neda, tuang), “ibak”, “papung” (mandi, siram), “papang”, “pipis” (kiih, kahampangan), “bobo” (saré, mondok, kulem), “eu-eu”, “emuh” (nginum, ngaleueut), “acuk” (baju, raksukan), “enen” (nyusu), jeung sawatara kecap deui. Biasana basa budak mah ngan anu patali jeung kahirupan budak leutik baé.

Budak anu kakara diajar nyarita, ana ngucapkeun kekecapan sok tara bener. Anéhna, kolotna gé lain nyontoan ngagunakeun kecap anu bener, tapi kalah ka nurutan ngagunakeun kekecapan anu henteu bener téa. Nya lahir nu disebut “basa budak”.

Kategori
#ReboNyunda

Kecap-Kecap Lemes Anyar

naruto basa sunda

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 18 (Januari 2005)

Ku sabab kapangaruhan ku alam pikiran undak-usuk basa, nyaéta ngarasa kudu nyarita ku basa lemes, tanda ngahormat ka nu diajak nyarita, sok timbul kecap-kecap anyar anu ku nu mimiti ngagunakeunana disangka kecap lemes.

Baheula kungsi aya nu ngagunakeun kecap “supanten” (maksudna lemesna tina “supaya”), “pribados” (lemesna tina “pribadi” kecap gaganti jalma nu kahiji), “nyondong” (lemesna tina “aya”), “saalit” (lemesna tina “saeutik”), malah ngaran tempat gé sok dilemeskeun upamana Majalengka jadi Maoslengka, Jatiwangi jadi Jatoswangi, jsb.

Kecap-kecap cara kitu sok disebut “lemes dusun”, nyaéta kecap-kecap anu saenyana euweuh dina, atawa taacan asup kana, kosa kecap basa lemes. Sawatara kecap “lemes dusun” aya nu ahirna mah diaku jadi kecap lemes anu henteu dusun, hartina asup jadi kosa kecap basa lemes, cara “pribados” apan ayeuna mah geus prah diparake, henteu dianggap lemes dusun deui.

Kategori
#ReboNyunda

Ngariksa Majalah Sunda

majalah sunda ngaleut

Lamun sakirana kuring diamanahkeun pikeun jadi pamingpin redaksi majalah Sunda, nu kahiji bakal kuring titénan ngeunaan tampilan visualna. Enya, da dina kaayaan bangsa nu horéam ngaos bacaan mah, nu diheulakeun téh visual kadituna kontén. Pamadegan ieu lahir kalayan pangalaman kuring ngasuh majalah kampus 3 taunan.

Ngeunaan majalah Sunda, dina éséy ‘Budaya Sunda Posmo’ nu diserat Yasraf Amir Piliang ti Cupumanik edisi Maret 2008, ditegeskeun ngeunaan pentingna barudak ngora pikeun jadi lalakon ngamekarkeun kabudayaan Sunda. Tatar Sunda, babakuna Bandung, kawéntar minangka wewengkon nu beunghar ku modal budaya (cultural capital). Modal budayana teh antarana barudak ngora nu jiwana rancagé tur mampuh naratas eksprési budaya katut rupaning karya nu inovatif. Ngahasilkeun ajen-inajen anyar tur motekar, bari teu ninggalkeun identitas kasundaan.

Kategori
#ReboNyunda Bandung

Komunitas Aleut: Mikawanoh Bandung, Mikawanoh Maneh

komunitas aleut ngaleut

Utamana jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih nitipkeunna diri, budi akal lantaran tipada jalma. Kapan ogé lain ari nu ngarana silaturahmi téh bakal manjangkeun rezeki jeung manjangkeun umur. Aya deui hiji mangpaat ceuk sobat kuring mah, “loba ngilu komunitas, bakal ngabuka loba panto ogé pikeun beubeunangan”.

Enya da gening karumasaan yén manusa mah teu bisa kukumaha di alam dunya téh lamun taya batur pakumaha. Apan hiji tugas manusia di dunya mah kudu ngajadikeun diri anu manfaat boh keur sorangan boh keur batur. Tah pikeun nyieun kahadean téh hese mun migawe sosorangan mah, da estu kawengku ku kawates diri salaku manusa jeung salaku dirina pribadi. Gawe babarengan liwat komunitas solusina.

Aya meureun sataunan ieu kuring getol ngilu kagiatan nu diayakeun Komunitas Aleut!