Kotrétan ku Basa Sunda

yoona nyerat sunda

Dipikir-pikir hesé ogé nyerat ku basa Sunda. Hesé téh kusabab teu biasa téa. Sanajan urang Sunda, sim kuring rumaos masih kéneh bodo kana undak usuk basa Sunda nu leres. “Grammar”-na leuwih sesah tibatan basa Inggris.

Ayeuna mah tos seueur urang Sunda nu miboga blog, tapi blog nu eusina ku basa Sunda mah masih arang. Salaku urang Sunda oge narablog, kuring miboga kawajiban ngariksa tur ngamumule basa sorangan antukna mah kudu aya aksi nyata. Kukituna kudu dibiasakeun nulis ku basa Sunda dina blog ieu sigana mah.

Sanajan lain urang Bandung kota, tapi kuring reueus kana kawijakan nu didamel ku pa walikota Ridwan Kamil nu kasep tea. Program #ReboNyunda tea. Tah kukituna, insya Allah unggal dinten Rebo kuring bakal ngadamel seratan nu nganggo basa Sunda. Kaleresan kan. 😉

Salian eta, seratan dina #ReboNyunda bakal ditambihan ku gambar nu nganggo aksara Sunda. Sapertos gambar prolog di luhur. Kan lucu katinggalna siga gaya-gaya Korea kitu, komo aya teteh Yoona. Kudu reueus urang teh miboga aksara sorangan, kudu nurutan Thailand, Korea, China, atanapi Jepang. Aksara Sunda teu beda jauh lah, bisa oge diutak-atik.

Kawitna simkuring ge miboga blog nu husus kanggo nyarita dina basa Sunda. Mung teu kaurus. Tah sugan weh ari proyek dina Arip Blog ieu mah langkung istiqomah. 😆

Ah nyerat sakieu wae kuat ka ripuh sim kuring teh. Prung ah, Sunda geura makalangan!

22 pemikiran pada “Kotrétan ku Basa Sunda”

  1. Cep Arip bisaan euy, simkuring mah teu tiasa. Nya eta, bodo basa sunda. Pernah sakali nyobaan ngetweet make basa sunda, eh pek teh salah lah 🙁 asa era.

    Balas
  2. Saé ilustrasina, ngan salah rarangkén aksara Sundana, dina kecap ‘hésé’, ‘geuning’, ‘téh’

    Balas

Tinggalkan komentar