Di Cambridge, bulan Fébruari 1969, kajadianna téh. Teu hayang nginget-nginget harita mah, sabab hariwang ku pipikiran sorangan, deuk dipopohokeun wé. Kari-kari ayeuna, sanggeus sakitu taun lilana, katimbang yén upama ku kuring didongéngkeun dina koran, tangtu baris kabaca ku balaréa minangka carita, tur sugan wé bakal jadi carita keur kuringna gé deuih. Ari nu kaalaman téh éstu matak ngagebeg – malah meunang sababaraha peuting mah hésé saré kawantu beuki gegebegan baé – tapi lain hartina mun didongéngkeun tangtu baris mangaruhan batur.
Harita téh kira pukul sapuluh isuk-isuk. Kuring diuk dina bangku panjang bari neuteup Walungan Charles. Lebah katuhu, kira lima ratusan yard anggangna, aya gedong jangkung ngajungkiring teuing gedong nanahaon. Es guruntulan ngarambang sapanjang wahangan anu caina kulawu. Anteng neuteup walungan, bet kajurung kana mikiran waktu – gambaran milénial Heraklitus. Peuting saméméhna saré téh tibra; kawantu beurangna di kelas asa geus hasil ngahudang karep barudak sangkan soson-soson. Taya saurang gé nu katénjo ngalanto.
Sabot keur kitu, ujug-ujug aya gerentes na haté (anu cék ahli élmu jiwa téa mah tumali jeung kacapé), ngalangeu kawas kitu téh asa kungsi ngalaman. Geus aya jalma deuih keur diuk dina tungtung bangku sabeulah deui. Kahayang mah nyorangan wé, tapi ku lantaran inget di kasopanan kapaksa henteu buru-buru nyingkah. Terus éta lalaki téh héhéotan. Nya éta pisan anu pangheulana ti antara pirang-pirang sora nu ngabaribinan katingtrim harita. Nu dihéotkeunana, atawa nu ku manéhna dicobaan héhéotanana téh (kuring mah teu metu kana lalaguan téh) wirahma tina “La tapéra”, milonga heubeul yasana Elias Regules. Ras ka buruan imah di Buénos Airés, nu geus lila sirna, ras deui ka alo, Alvaro Melian Lafinur, nu geus mangtaun-taun sah ti dunya. Laju kadéngé rumpakana. Bubukana. Sidik lain sora Alvaro tapi ukur tiruanna. Puguh wé reuwas.
“Punten, dulur,” omong kuring bari ngarérét ka éta lalaki, “dupi kawit ti mana, Uruguay atanapi Argéntina?”
“Argéntina, nanging ngumbara di Jenewa ti taun 1914,” walonna.
Lila paheneng-heneng. “Di Malagnou nomer tujuh welas – peuntaseun garéja Ortodok, sanés?” kuring nanya.
Manéhna unggeuk.
“Hih, ari kitu mah,” cékéng mani conggah, “hidep téh Jorge Luis Borges. Kapan akang gé Jorge Luis Borges. Ayeuna taun 1969, urang keur aya di kota Cambridge.”
“Is, lain,” pokan bari jeung sorana nyeplés kuring ngan rada dirobah. Ngahuleng heula, terus wé nyoroscos. “Kuring mah ayeuna keur di dieu, di Jenéwa, dina bangku panjang, tibang sababaraha léngkah ti Rhone. Ngan naha nya urang ber sarimbag, bédana téh akang mah leuwih kolot tur geus huisan.”
“Na da bisa ngabuktikeun yén akang mah teu bohong,” cékéng téh. “Geura nya urang tataan hal-ihwal anu pamohalan nu séjén mah nyahoeun. Di imah urang aya cangkir pérak anu dasarna digambaran oray sapasang. Beunang ngagaleuh Uyut ti Peru. Aya deuih baskom pérak ngagantung kana sadel paranti anjeunna. Dina lomari di kamar hidep aya buku dua jajar: Carita Sarébu Samalem beunang Lane tilu jilid, anu gambarna tina citakan waja tur dina unggal tungtung babna aya catetan maké aksara rarenyek; kamus Latin Quicherat; Germania-na Tacitus dina basa Latin katut tarjamahan Inggrisna ti Gordon; Don Quixote wedalan Garnier; Tablas de Sangre karangan Rivera Indarte, anu ditandatangan ku nu ngarangna; Sartor Resartus-na Carlyle; biograpi Amiel; jeung eta deuih, anu kahalangan ku buku-buku lianna téa geuning, aya buku anu jilidna tina keretas ngeunaan kabiasaan séksual urang Balkan. Moal poho deuih kana hiji peuting di lanté dua Place Dubourg.”
“Dufour,” manéhna menerkeun.
“Euh, enya – Dufour. Bukti pan?”
“Henteu,” walonna. “Nu bieu ditataan téh teu ngabuktikeun nanaon. Mun téa mah kuring keur ngimpi tepung jeung akang, lumrah wé upama akang apal cangkem kana eusining sirah kuring. Katalog akang bieu, sok sanajan sakitu ngambayna, éstu taya hartian.”
Bantahanana mani nyogok. Cékéng, “Mun téa mah paamprokna urang ayeuna di dieu ukur impian, tangtu urang kudu percaya yén urang téh pada-pada keur ngimpi. Bisa jadi urang geus lilir, tapi teu pamohalan masih kénéh ngimpi. Ngan anu sidik, nu kudu dipilampah ku urang taya lian iwal ti nampa éta impian sakumaha urang narima kana ayana jagat kalawan lahir, nempo tur engapan.”
“Kumaha mun ngimp téh kateterusan?” manéhna nanya bangun guligah pisan.
Keur mapalér haténa katut haté sorangan, kuring api-api kalem padahal saenyana mah teu kitu. “Tepi ka kiwari akang mah ngimpi téh geus tujuh puluh taun,” omong kuring. “Nu sidik, taya saurang gé jalma anu dina kaayaan lilir kungsi patepung jeung dirina. Nya éta pisan anu kaalaman ku urang ayeuna – kajaba mun téa mah urang téh dua jalma anu béda-béda. Na teu hayang nyaho kana pangalaman akang ka tukang, anu baris jadi pikahareupeun hidep?”
Manéhna teu ngomong sakemék bangun panuju. Kuring neruskeun cacarita, rada cus-cos. “Ema mah jagjang tur damang di bumina di Charcas jeung Maipu, di Buenos Aires, ari Apa geus ngantunkeun tilu puluh taun ka tukang. Ngantunkeun alatan kasakit jantung. Teu walakaya alatan hemiplegia; pananganna anu kiwa, upama nyabak anu tengen, badis leungeun budak jeung leungeun raksasa. Geus teu sabar hoyong geura-geura mulang sok sanajan teu nepi ka watara poé méméh mulang, anjeunna nyauran putra katut putuna sarta pok sasauran kieu, ‘Nini téh geus kolot, tur ayeuna keur nyanghareupan sakaratul maot lalaunan. Ulah aya saurang gé anu ngarasa sedih, da ajal mah geus lumrah dina kahirupan sapopoé.’ Adi hidep, Norah, geus kawin tur boga anak dua, lalaki kabéh. Ké lanan, kumaha béjana nu di imah?'”
“Calageur. Apa mah cara sasari wé teu weléh ngageuhgeuykeun agama. Peuting tadi mah anjeunna sasauran yén Yesus téh kawas gaucho, nu tara daek nohonan jangjina sorangan, nu matak ana hutbah sok ngadongeng.” Manéhna asa-asa tapi terus nanya, “Ari akang kumaha?”
“Teuing tah sabaraha judul buku nu ku hidep baris ditulis, ngan anu sidik réa pisan. Hidep baris nganggit puisi tepi ka ngarasa bungah sabab batur mah teu bisaeun, sarta baris ngarang carita anu sipatna pantastis kitu lah. Cara bapa hidep katut baraya urang, hidep baris ngajar deuih.”
Bungahna téh manéhna teu nanyakeun naha buku-buku karanganana baris mawa hasil atawa lasut. Kuring ngarobah jejer wangkongan sarta neruskeun cacarita, “Tah, patali jeung sajarah, aya deui perang, sasatna éta-éta kénéh ari nu paraséana mah. Perancis teu lila jayanya; Inggris jeung Amerika merangan diktatur Jérman anu ngaranna Hitler – perang tepung gelang di Waterloo. Di sabudeureun taun 1946 di Buenos Aires geus lahir Rosa nu séjén deui, anu sarimbag pisan jeung baraya urang. Taun 1955 propinsi Kordoba beunang ku urang, cara Entre Rios dina abad saméméhna. Kiwari kaayaanana kalah ramijud. Rusia ngarebut dunya; ari Amérika, alatan kajiret ku teluh démokrasi, taya ketak sangkan jadi hiji impérium. Ti poé ka poé téh nagara urang kalah beuki propinsial baé. Beuki propinsial tur beuki réa kahayangna – lir nu teu beunta. Akang mah teu sing ngarasa héran naon pangna pangajaran basa Latin di sakola kalah diganti ku pangajaran basa Guarani.”
Manéhna bangun nu teu pati ngabandungan. Jero-jerona mah aya kahariwang kana naon anu mustahil bari jeung mémang kitu kaayaanana, tepi ka manéhna guligah. Sok sanajan teu kungsi ngalaman boga anak, ka éta nonoman anu pikarunyaeun téh aya rasa nyaah – leuwih nyaah batan ka anak sorangan. Ningali manéhna nyenyepeng buku, kuring nanya buku naon téa.
“The Possessed, atawa, keur kuring mah, The Devils, karangan Fedor Dostoevski,” walonna semu agul.
“Geus poho deui. Ramé dongengna?” Saharita kuring ngarasa yén nanya kitu téh ngahina.
“Maéstro Rusia,” manéhna nerangkeun, “anu moal aya nu mapakan lebah ngobét kaayaan labirin batin bangsa Slavia.”
Tina carana nyarita karasa manéhna geus palér. Kuring nanya nu mana deui buku sang maestro téh nu dibacana. Manéhna nyebut dua-tilu judul, antarana The Double. Kuring nanya deui naha enggoning macaanana bisa ngabédakeun kalawan écés tokoh-tokoh anu dicaritakeunana, cara dina karangan Joseph Conrad, jeungna deui naha aya maksud nalungtik karangan-karangan Dostoevski.
“Teu pati,” omongna bari kerung.
Kuring nanya, naon anu ku manéhna keur ditulis, tur manéhna nétélakeun yén keur nyusun buku puisi anu deuk dijudulan Himneu Beureum. Cenah mah deuih bisa jadi judulna téh Wirahma Beureum.
“Naon héséna?” cékéng. “Pan bisa wé nyutat nu aralus tina puisi-puisi nu geus aya. Sajak biru ti Rubén Dario atawa lalaguan kulawu ti Verlain.”
Manéhna teu panuju, sarta netelakeun yén bukuna téh deuk neundeun perhatian kana tali mimitran papada jalma. Para panyajak ayeuna mah cenah deuih teu daraék ngindung kana pajamanana. Sanggeus ngahuleng sajongjongan kuring nanya naha manéhna téh ngarasa jadi dulur sakumna jalma – upamana baé, sakabéh pangurus makam, sakabéh tukang pos, sakabéh tukang teuleum di laut, sakumna nu dumuk di sisi jalan, sakabéh jalma anu teu nyoara, jeung saterusna. Manéhna ngawalon yén bukuna téh ditujulkeun ka jalma réa anu katideresa tur kasingsalkeun.
“Jalma réa anu cék hidep katideresa tur kasingsalkeun téh saéstuna ukur abstraksi wungkul,” omong kuring. “Ngan individu nu sidik aya mah – kitu gé upama bisa disebutkeun yén jalma téh aya. ‘Jalma kamari lain jalma kiwari,’ pan kitu cék urang Yunani gé. Urang duaan, nu ayeuna keur diuk dina bangku panjang di Jenéwa atawa di Cambridge, teu pamohalan ngabuktikeun hal éta.”
Kajaba dina lambaran buku sajarah, naon nu kungsi kajadian tur bisa dipikatineung téh henteu ngawajibkeun ayana ungkara panineungan. Nu nyanghareupan sakaratul maot sok nyoba-nyoba néang deui gambaran pangalamanana keur budak; soldadu nu miang ka pangperangan sok mikatineung taneuh beureum nu ngurungan komandanna. Estuning mibanda ciri mandiri kaayaan hirup urang téh jeung, balaka wé, urang saenyana mah teu siap nyanghareupanana. Cara ayeuna dikadarkeun ngawangkong tina perkara sastra; boa-boa naon anu ku kuring dikedalkeun téh sed saeutik ti nu ditepikeun ku kuring ka juruwarta. Alter ego kuring percaya kana pentingna ngotéktak atawa maluruhan métapor nu alanyar; kuring, dina éta métapor anu tumali jeung nu écés tur dalit dina diri, tur geus ditarima ku imajinasi urang. Umur nu ngolotan katut panon poé nu surup, impian katut kahirupan, galur waktu katut cai. Kuring ngasongkeun pikiran kitu, anu mangtaun-taun sabadana baris katulis dina buku. Manéhna teu pati ngaregepkeun. Ujug-ujug pok nanya, “Mun téa mah akang téh kuring, kumaha nerangkeunana yén akang geus mopohokeun paamprokna akang jeung lalaki nu leuwih kolot anu dina taun 1918 nyebutkeun yén manehna téh Borges deuih?”
Teu kapikir masalah beurat nu éta mah. “Bisa jadi éta pangalaman téh pohara ahéngna tepi ka teu diinget-inget,” walon kuring rada hamham.
Kawas nu panasaran, pok deui nanya semu éra, “Ari kitu kawas kumaha panineungan téh?”
Kuring sadar yén pikeun nonoman anu umurna tacan manjing dua puluh taun mah aki-aki anu umurna leuwih ti tujuh puluh taun téh geus bau taneuh. “Mimindengna mah méh-méhan pikun,” cékéng téh, “tapi masih kénéh bisa néang nu kudu ditéang. Akang diajar basa Inggris buhun, jeung teu kungsi tinggaleun.”
Wangkongan téh panjang teuing ari kudu disebut ngimpi mah. Ujug-ujug jorojoy aya nu kapikir. “Babari ngabuktikeunana yén hidep henteu keur ngimpi patepung jeung akang,” pok téh. “Geura bandungan ieu ungkara anu, sakanyaho mah, tacan kabaca ku hidep.”
Lalaunan kuring ngalisankeun hiji sajak anu kawentar. “L’hiydre-univers tordant son corps écaillé d’astres.” Cék pangrasa, ku manéhna kalandep. Manéhna malikan ngalisankeun éta sajak, sorana halon bari ngalenyepan kekecapan anu sakitu gugurilapanana.
“Rumasa,” pokna bangun hamham, “teu kaduga nganggit ungkara kawas kitu.”
Nya Victor Hugo anu ngaraketkeun kuring jeung manéhna téh.
Saméméhna, inget ayeuna mah, manéhna mani sumanget nyutat sajak pondok beunang Whitman anu ngedalkeun panineungan nu nyajak kana hiji peuting di basisir basa manéhna keur bungah.
“Whitman miéling éta peuting,” omong kuring, “ku lantaran hayangna kitu, tapi teu kungsi ari kajadian mah. Eta sajak téh karasa galeuhna upama urang ningalina minangka kedaling haté nu keur tibelat, lain sajak nu miang tina nu kungsi kajadian.”
Manéhna nyureng. “Teu wanoh ka nu nyajak ari kitu mah! Piraku Whitman ngabohong.”
Satengah abad téh lain waktu téréh-téréh. Sajeroning uplek ngomongkeun batur, buku-buku nu kungsi kabaca katut pangaresep anu béda, tétéla kuring jeung manehna teu bisa silih lenyepan. Sarua teuing tapi deuih pohara bédana. Kuring jeung manéhna teu bisa dalit, tepi ka hésé ngawangkong téh. Boh kuring boh manéhna pada-pada salinan anu teu sampurna. Kaayaanana téh geus kabina-bina ahéngna tepi ka pamohalan diteruskeun. Boh ngasongkeun saran boh nembrakkeun pamanggih geus taya gunana, ongkoh kalah kumaha baé ogé geus dikadarkeun manéhna kudu jadi kuring.
Bet ras kana pantasi ti Coleridge. Aya lalaki ngimpi lumampah ka sawarga tur di satengahing jalan aya nu méré kembang. Barang hudang, horéng enya aya kembang. Tah siasat kawas kitu nu kapikir téh. “Ké lanan,” cékéng téh. “Boga duit teu?”
“Aya,” walon manéhna. “Mésakan dua puluhan franc mah. Kuring ngondang Simon Jinchlinski pikeun dahar bareng di Crocodile engké peuting.”
“Bejaan Simon baris aya prakték kadokteran di Carouge jeung sing leuwih alus hasilna kituh. Cing sakencring mah.”
Kusiwel manéhna ngaluarkeun tilu kencring duit perak baradag katut nu laleutikna. Teu panjang pikir, song manéhna ngasongkeun récéh lima franc. Kuring ngaluarkeun duit keretas Amérika sababaraha lambar, anu sok sanajan béda-béda hargana ukuranana mah sarua; song dibikeun ka manéhna salambar anu teu pati katara. Manéhna nelek-nelek mani telik.
“Mustahil,” pokna mani curinghak tur nyelengkeung. “Ieu duit téh geuning titimangsana 1964. Aya ku pohara ajaibna nya, éstuning matak hélok ieu mah. Nu nyarakséni Lazarus hudang deui gé tangtu harémengeun.”
Jero pikir, aya nu robah saeutik gé diri kuring jeung manéhna téh. Bilatung buku onaman bisa robah référénsi. Duit keretas téh ku manéhna diképéskeun, kitu deui duit logamna disingkirkeun. Kuring gé hayang ngalungkeun duit logam téa ka walungan. Tikerlepna duit pérak ka jero cai walungan anu pulas pérak tangtu baris méré gambaran anu gugurilapan kana carita kuring, tapi untungna téh henteu nepi ka kitu. Cék kuring ka manéhna, upama hal-ihwal anu sipatna supranatural tepi ka kajadian dua kali, moal matak hélok deui. Kuring ngajak manéhna tepung deui isukna, dina bangku panjang éta kénéh, anu aya dina dua pajamanan tur dua patempatan. Manéhna panujueun pisan tur, bari teu ngilikan arlojina, nyebutkeun geus kalalanjoan. Boh kuring boh manéhna pada-pada akon-akon wungkul, tur pada-pada surti. Kuring nyebutkeun keur nungguan jalma nu geus pasini rék tepung.
“Aya nu rék nepungan akang?” pokna.
“Heueuh. Upama hidep geus saumur akang ayeuna, panon hidep baris bolor méhméhan lolong pisan. Tapi hidep masih kénéh bisa ningali warna konéng jeung cahaya katut kalangkang. Tong leutik haté. Poékeun téténjoan lalaunan mah lain bancang pakéwuh. Teu bina ti sandékala nu lila dina usum halodo.”
Kuring jeung manéhna papisah bari jeung sakali gé teu kungsi sasalaman pisan. Isukna kuring henteu datang deui ka dinya. Kitu deui manéhna pamohalan ka dinya deui.
Réa nu ku kuring diimpleng tina pangalaman harita, anu tepi ka kiwari teu dipatalikeun jeung sasaha. Kuring yakin geus manggihan koncina. Paamprok jonghokna mah nyata, tapi éta nonoman téa keur ngimpi basa manéhna uplek jeung kuring téh, nya ku lantaran kitu manéhna bisa mopohokeun kuring; ari kuring mah ngawangkong jeung manéhna téh dina kaayaan lilir, tur ku kituna nu aya dina panineungan téh terus matak guligah.
Nu lian ngimpi tepung jeung kuring, tapi saenyana mah manéhna téh teu ngimpi-ngimpi teuing. Kaharti ayeuna mah yén manéhna ngimpi tina perkara titimangsa duit dolar téa.
*
Jorge Luis Borges (ngalisankeunana: horhé luis borhés) lahir di Buénos Aires, Argentina, 24 Agustus 1899. Gedé di Eropah, tur ka kolotnakeun sok ngalanglang jagat, kaasup ka Jepang. Ngarang puisi jeung prosa maké basa Spanyol. Tilar dunya di Jenéwa, 14 Juni 1986.
😀
Sae pisan, kang arip. enakeun ngaosna. hehehe
Tapi tarjamahan Hawe Setiawan ieu mah
Har.. sugan teh. hahaha