Ceunah mah Bandung nelah Kota Fashion, atuh da dilandian ti baheulana oge Parijs van Java.
Ngeunaan tren raksukan atawa fashion, tangtu moal leupas tina kamotekaran tur kaparigelan generasi muda atawa para nonoman anu jadi ahli waris pikeun ngajaga warisan budayana sorangan. Tah teu ngan saukur gaya modern nu kadieunakeun, budaya kasundaan ge teu nepi ka dipiceun. Salah sahijini tren nganggo iket atawa totopong.
Ari awalna mah tren nganggo iket ieu teh ngan saukur barudak Metalhead, nu resep musik Metal. Sabab musababna dina taun 2005, Man Jasad ngamimitian nganggo iket sareng pangsi lamun nabeuh sareng grup band-na. Kadieunakeun mah beuki loba nu ngiluan nganggo iket, komo deui ayeuna mah di Kota Bandung aya aturan kudu nganggo raksukan budaya dina poe Rebo.
Pemkot ngaluarkeun perda atawa peraturan daerah anu ngawajibkeun pagawe pamarentahanna atawa barudak sakola marake raksukan budaya. Iket jeung pangsi keur lalaki. Karembong jeung kabaya keur awewe.
Abong keur usum batu akik, barudak ge tuturut weh make. 😆
Ieu program teh alus, ngan pedah aya masalah alatan raksukan ieu teh nya kudu dipeser, pan masih loba nu ekonomina masih kakurangan. Tapi ari ti Pemkotna teu ngawajibkeun, ngan masihan anjuran hungkul, bilih kana nu teu mampu mah nya tong maksakeun.
Aya deui nu kontra kana kawijakan ieu teh kusabab iket jeung pangsi teh baheula mah papakean pikeun pagawe rendahan, jadi ulah sagawayah make ieu anggoan nu boga simbol feodalisme.
Ari kuring mah mikirna nya balik deui we ka niat, pan ieu teh pikeun ngariksa budaya lokal, Kisunda. Budaya urang teh ulah tepi ka jati kasisih ku junti, kageser ku budaya deungeun nu dianggap leuwih alus. = Foto: Arif Abdurahman
ini artiya apa, Rip? apaaa??
cuma bisa manggut2 liat foto bocah2 kekinian…..
Duh, kamu ngomong apaaaaaaaaa…..
lam kenal mas :D, hehe blognya bagus 😀
Anaknya lucu-lucu, itu ada yang pakik akik kecil-kecil. 🙂
Ooo.. Jadi pakek iket-iket jadi tren lagi di sana yak? 😀
Tren batu akik juga. 😎
Abdi hayang oge nganggo raksukan hideung. Meser di mana kang?
Di sisi jalan seueur nu ngajual da pangsi mah.
Eta mani lucu pisan barudak laleutik keneh tos make batu akik.. haha