Kategori
#ReboNyunda

Basa Budak

ulin jarambah cikapundung

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 17 (Desember 2004)

Dina basa Sunda aya nu disebut basa budak, nyaéta sawatara kecap anu biasa digunakeun ku budak, atawa ku kolot ari nyarita jeung budak anu nyaritana tacan bener, upamana “emam”, “mamam” (dahar, neda, tuang), “ibak”, “papung” (mandi, siram), “papang”, “pipis” (kiih, kahampangan), “bobo” (saré, mondok, kulem), “eu-eu”, “emuh” (nginum, ngaleueut), “acuk” (baju, raksukan), “enen” (nyusu), jeung sawatara kecap deui. Biasana basa budak mah ngan anu patali jeung kahirupan budak leutik baé.

Budak anu kakara diajar nyarita, ana ngucapkeun kekecapan sok tara bener. Anéhna, kolotna gé lain nyontoan ngagunakeun kecap anu bener, tapi kalah ka nurutan ngagunakeun kekecapan anu henteu bener téa. Nya lahir nu disebut “basa budak”.

Kategori
#ReboNyunda

Kecap-Kecap Lemes Anyar

naruto basa sunda

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 18 (Januari 2005)

Ku sabab kapangaruhan ku alam pikiran undak-usuk basa, nyaéta ngarasa kudu nyarita ku basa lemes, tanda ngahormat ka nu diajak nyarita, sok timbul kecap-kecap anyar anu ku nu mimiti ngagunakeunana disangka kecap lemes.

Baheula kungsi aya nu ngagunakeun kecap “supanten” (maksudna lemesna tina “supaya”), “pribados” (lemesna tina “pribadi” kecap gaganti jalma nu kahiji), “nyondong” (lemesna tina “aya”), “saalit” (lemesna tina “saeutik”), malah ngaran tempat gé sok dilemeskeun upamana Majalengka jadi Maoslengka, Jatiwangi jadi Jatoswangi, jsb.

Kecap-kecap cara kitu sok disebut “lemes dusun”, nyaéta kecap-kecap anu saenyana euweuh dina, atawa taacan asup kana, kosa kecap basa lemes. Sawatara kecap “lemes dusun” aya nu ahirna mah diaku jadi kecap lemes anu henteu dusun, hartina asup jadi kosa kecap basa lemes, cara “pribados” apan ayeuna mah geus prah diparake, henteu dianggap lemes dusun deui.