Kategori
Non Fakta

Nu Lian, Jorge Luis Borges

image

Di Cambridge, bulan Fébruari 1969, kajadianna téh. Teu hayang nginget-nginget harita mah, sabab hariwang ku pipikiran sorangan, deuk dipopohokeun wé. Kari-kari ayeuna, sanggeus sakitu taun lilana, katimbang yén upama ku kuring didongéngkeun dina koran, tangtu baris kabaca ku balaréa minangka carita, tur sugan wé bakal jadi carita keur kuringna gé deuih. Ari nu kaalaman téh éstu matak ngagebeg – malah meunang sababaraha peuting mah hésé saré kawantu beuki gegebegan baé – tapi lain hartina mun didongéngkeun tangtu baris mangaruhan batur.

Harita téh kira pukul sapuluh isuk-isuk. Kuring diuk dina bangku panjang bari neuteup Walungan Charles. Lebah katuhu, kira lima ratusan yard anggangna, aya gedong jangkung ngajungkiring teuing gedong nanahaon. Es guruntulan ngarambang sapanjang wahangan anu caina kulawu. Anteng neuteup walungan, bet kajurung kana mikiran waktu – gambaran milénial Heraklitus. Peuting saméméhna saré téh tibra; kawantu beurangna di kelas asa geus hasil ngahudang karep barudak sangkan soson-soson. Taya saurang gé nu katénjo ngalanto.

Sabot keur kitu, ujug-ujug aya gerentes na haté (anu cék ahli élmu jiwa téa mah tumali jeung kacapé), ngalangeu kawas kitu téh asa kungsi ngalaman. Geus aya jalma deuih keur diuk dina tungtung bangku sabeulah deui. Kahayang mah nyorangan wé, tapi ku lantaran inget di kasopanan kapaksa henteu buru-buru nyingkah. Terus éta lalaki téh héhéotan. Nya éta pisan anu pangheulana ti antara pirang-pirang sora nu ngabaribinan katingtrim harita. Nu dihéotkeunana, atawa nu ku manéhna dicobaan héhéotanana téh (kuring mah teu metu kana lalaguan téh) wirahma tina “La tapéra”, milonga heubeul yasana Elias Regules. Ras ka buruan imah di Buénos Airés, nu geus lila sirna, ras deui ka alo, Alvaro Melian Lafinur, nu geus mangtaun-taun sah ti dunya. Laju kadéngé rumpakana. Bubukana. Sidik lain sora Alvaro tapi ukur tiruanna. Puguh wé reuwas.

“Punten, dulur,” omong kuring bari ngarérét ka éta lalaki, “dupi kawit ti mana, Uruguay atanapi Argéntina?”

“Argéntina, nanging ngumbara di Jenewa ti taun 1914,” walonna.

Lila paheneng-heneng. “Di Malagnou nomer tujuh welas – peuntaseun garéja Ortodok, sanés?” kuring nanya.

Manéhna unggeuk.

“Hih, ari kitu mah,” cékéng mani conggah, “hidep téh Jorge Luis Borges. Kapan akang gé Jorge Luis Borges. Ayeuna taun 1969, urang keur aya di kota Cambridge.”

“Is, lain,” pokan bari jeung sorana nyeplés kuring ngan rada dirobah. Ngahuleng heula, terus wé nyoroscos. “Kuring mah ayeuna keur di dieu, di Jenéwa, dina bangku panjang, tibang sababaraha léngkah ti Rhone. Ngan naha nya urang ber sarimbag, bédana téh akang mah leuwih kolot tur geus huisan.”

“Na da bisa ngabuktikeun yén akang mah teu bohong,” cékéng téh. “Geura nya urang tataan hal-ihwal anu pamohalan nu séjén mah nyahoeun. Di imah urang aya cangkir pérak anu dasarna digambaran oray sapasang. Beunang ngagaleuh Uyut ti Peru. Aya deuih baskom pérak ngagantung kana sadel paranti anjeunna. Dina lomari di kamar hidep aya buku dua jajar: Carita Sarébu Samalem beunang Lane tilu jilid, anu gambarna tina citakan waja tur dina unggal tungtung babna aya catetan maké aksara rarenyek; kamus Latin Quicherat; Germania-na Tacitus dina basa Latin katut tarjamahan Inggrisna ti Gordon; Don Quixote wedalan Garnier; Tablas de Sangre karangan Rivera Indarte, anu ditandatangan ku nu ngarangna; Sartor Resartus-na Carlyle; biograpi Amiel; jeung eta deuih, anu kahalangan ku buku-buku lianna téa geuning, aya buku anu jilidna tina keretas ngeunaan kabiasaan séksual urang Balkan. Moal poho deuih kana hiji peuting di lanté dua Place Dubourg.”

“Dufour,” manéhna menerkeun.

“Euh, enya – Dufour. Bukti pan?”

“Henteu,” walonna. “Nu bieu ditataan téh teu ngabuktikeun nanaon. Mun téa mah kuring keur ngimpi tepung jeung akang, lumrah wé upama akang apal cangkem kana eusining sirah kuring. Katalog akang bieu, sok sanajan sakitu ngambayna, éstu taya hartian.”

Bantahanana mani nyogok. Cékéng, “Mun téa mah paamprokna urang ayeuna di dieu ukur impian, tangtu urang kudu percaya yén urang téh pada-pada keur ngimpi. Bisa jadi urang geus lilir, tapi teu pamohalan masih kénéh ngimpi. Ngan anu sidik, nu kudu dipilampah ku urang taya lian iwal ti nampa éta impian sakumaha urang narima kana ayana jagat kalawan lahir, nempo tur engapan.”

“Kumaha mun ngimp téh kateterusan?” manéhna nanya bangun guligah pisan.

Keur mapalér haténa katut haté sorangan, kuring api-api kalem padahal saenyana mah teu kitu. “Tepi ka kiwari akang mah ngimpi téh geus tujuh puluh taun,” omong kuring. “Nu sidik, taya saurang gé jalma anu dina kaayaan lilir kungsi patepung jeung dirina. Nya éta pisan anu kaalaman ku urang ayeuna – kajaba mun téa mah urang téh dua jalma anu béda-béda. Na teu hayang nyaho kana pangalaman akang ka tukang, anu baris jadi pikahareupeun hidep?”

Manéhna teu ngomong sakemék bangun panuju. Kuring neruskeun cacarita, rada cus-cos. “Ema mah jagjang tur damang di bumina di Charcas jeung Maipu, di Buenos Aires, ari Apa geus ngantunkeun tilu puluh taun ka tukang. Ngantunkeun alatan kasakit jantung. Teu walakaya alatan hemiplegia; pananganna anu kiwa, upama nyabak anu tengen, badis leungeun budak jeung leungeun raksasa. Geus teu sabar hoyong geura-geura mulang sok sanajan teu nepi ka watara poé méméh mulang, anjeunna nyauran putra katut putuna sarta pok sasauran kieu, ‘Nini téh geus kolot, tur ayeuna keur nyanghareupan sakaratul maot lalaunan. Ulah aya saurang gé anu ngarasa sedih, da ajal mah geus lumrah dina kahirupan sapopoé.’ Adi hidep, Norah, geus kawin tur boga anak dua, lalaki kabéh. Ké lanan, kumaha béjana nu di imah?'”

“Calageur. Apa mah cara sasari wé teu weléh ngageuhgeuykeun agama. Peuting tadi mah anjeunna sasauran yén Yesus téh kawas gaucho, nu tara daek nohonan jangjina sorangan, nu matak ana hutbah sok ngadongeng.” Manéhna asa-asa tapi terus nanya, “Ari akang kumaha?”

“Teuing tah sabaraha judul buku nu ku hidep baris ditulis, ngan anu sidik réa pisan. Hidep baris nganggit puisi tepi ka ngarasa bungah sabab batur mah teu bisaeun, sarta baris ngarang carita anu sipatna pantastis kitu lah. Cara bapa hidep katut baraya urang, hidep baris ngajar deuih.”

Bungahna téh manéhna teu nanyakeun naha buku-buku karanganana baris mawa hasil atawa lasut. Kuring ngarobah jejer wangkongan sarta neruskeun cacarita, “Tah, patali jeung sajarah, aya deui perang, sasatna éta-éta kénéh ari nu paraséana mah. Perancis teu lila jayanya; Inggris jeung Amerika merangan diktatur Jérman anu ngaranna Hitler – perang tepung gelang di Waterloo. Di sabudeureun taun 1946 di Buenos Aires geus lahir Rosa nu séjén deui, anu sarimbag pisan jeung baraya urang. Taun 1955 propinsi Kordoba beunang ku urang, cara Entre Rios dina abad saméméhna. Kiwari kaayaanana kalah ramijud. Rusia ngarebut dunya; ari Amérika, alatan kajiret ku teluh démokrasi, taya ketak sangkan jadi hiji impérium. Ti poé ka poé téh nagara urang kalah beuki propinsial baé. Beuki propinsial tur beuki réa kahayangna – lir nu teu beunta. Akang mah teu sing ngarasa héran naon pangna pangajaran basa Latin di sakola kalah diganti ku pangajaran basa Guarani.”

Manéhna bangun nu teu pati ngabandungan. Jero-jerona mah aya kahariwang kana naon anu mustahil bari jeung mémang kitu kaayaanana, tepi ka manéhna guligah. Sok sanajan teu kungsi ngalaman boga anak, ka éta nonoman anu pikarunyaeun téh aya rasa nyaah – leuwih nyaah batan ka anak sorangan. Ningali manéhna nyenyepeng buku, kuring nanya buku naon téa.

The Possessed, atawa, keur kuring mah, The Devils, karangan Fedor Dostoevski,” walonna semu agul.

“Geus poho deui. Ramé dongengna?” Saharita kuring ngarasa yén nanya kitu téh ngahina.

“Maéstro Rusia,” manéhna nerangkeun, “anu moal aya nu mapakan lebah ngobét kaayaan labirin batin bangsa Slavia.”

Tina carana nyarita karasa manéhna geus palér. Kuring nanya nu mana deui buku sang maestro téh nu dibacana. Manéhna nyebut dua-tilu judul, antarana The Double. Kuring nanya deui naha enggoning macaanana bisa ngabédakeun kalawan écés tokoh-tokoh anu dicaritakeunana, cara dina karangan Joseph Conrad, jeungna deui naha aya maksud nalungtik karangan-karangan Dostoevski.

“Teu pati,” omongna bari kerung.

Kuring nanya, naon anu ku manéhna keur ditulis, tur manéhna nétélakeun yén keur nyusun buku puisi anu deuk dijudulan Himneu Beureum. Cenah mah deuih bisa jadi judulna téh Wirahma Beureum.

“Naon héséna?” cékéng. “Pan bisa wé nyutat nu aralus tina puisi-puisi nu geus aya. Sajak biru ti Rubén Dario atawa lalaguan kulawu ti Verlain.”

Manéhna teu panuju, sarta netelakeun yén bukuna téh deuk neundeun perhatian kana tali mimitran papada jalma. Para panyajak ayeuna mah cenah deuih teu daraék ngindung kana pajamanana. Sanggeus ngahuleng sajongjongan kuring nanya naha manéhna téh ngarasa jadi dulur sakumna jalma – upamana baé, sakabéh pangurus makam, sakabéh tukang pos, sakabéh tukang teuleum di laut, sakumna nu dumuk di sisi jalan, sakabéh jalma anu teu nyoara, jeung saterusna. Manéhna ngawalon yén bukuna téh ditujulkeun ka jalma réa anu katideresa tur kasingsalkeun.

“Jalma réa anu cék hidep katideresa tur kasingsalkeun téh saéstuna ukur abstraksi wungkul,” omong kuring.  “Ngan individu nu sidik aya mah – kitu gé upama bisa disebutkeun yén jalma téh aya. ‘Jalma kamari lain jalma kiwari,’ pan kitu cék urang Yunani gé. Urang duaan, nu ayeuna keur diuk dina bangku panjang di Jenéwa atawa di Cambridge, teu pamohalan ngabuktikeun hal éta.”

Kajaba dina lambaran buku sajarah, naon nu kungsi kajadian tur bisa dipikatineung téh henteu ngawajibkeun ayana ungkara panineungan. Nu nyanghareupan sakaratul maot sok nyoba-nyoba néang deui gambaran pangalamanana keur budak; soldadu nu miang ka pangperangan sok mikatineung taneuh beureum nu ngurungan komandanna. Estuning mibanda ciri mandiri kaayaan hirup urang téh jeung, balaka wé, urang saenyana mah teu siap nyanghareupanana. Cara ayeuna dikadarkeun ngawangkong tina perkara sastra; boa-boa naon anu ku kuring dikedalkeun téh sed saeutik ti nu ditepikeun ku kuring ka juruwarta. Alter ego kuring percaya kana pentingna ngotéktak atawa maluruhan métapor nu alanyar; kuring, dina éta métapor anu tumali jeung nu écés tur dalit dina diri, tur geus ditarima ku imajinasi urang. Umur nu ngolotan katut panon poé nu surup, impian katut kahirupan, galur waktu katut cai. Kuring ngasongkeun pikiran kitu, anu mangtaun-taun sabadana baris katulis dina buku. Manéhna teu pati ngaregepkeun. Ujug-ujug pok nanya, “Mun téa mah akang téh kuring, kumaha nerangkeunana yén akang geus mopohokeun paamprokna akang jeung lalaki nu leuwih kolot anu dina taun 1918 nyebutkeun yén manehna téh Borges deuih?”

Teu kapikir masalah beurat nu éta mah. “Bisa jadi éta pangalaman téh pohara ahéngna tepi ka teu diinget-inget,” walon kuring rada hamham.

Kawas nu panasaran, pok deui nanya semu éra, “Ari kitu kawas kumaha panineungan téh?”

Kuring sadar yén pikeun nonoman anu umurna tacan manjing dua puluh taun mah aki-aki anu umurna leuwih ti tujuh puluh taun téh geus bau taneuh. “Mimindengna mah méh-méhan pikun,” cékéng téh, “tapi masih kénéh bisa néang nu kudu ditéang. Akang diajar basa Inggris buhun, jeung teu kungsi tinggaleun.”

Wangkongan téh panjang teuing ari kudu disebut ngimpi mah. Ujug-ujug jorojoy aya nu kapikir. “Babari ngabuktikeunana yén hidep henteu keur ngimpi patepung jeung akang,” pok téh. “Geura bandungan ieu ungkara anu, sakanyaho mah, tacan kabaca ku hidep.”

Lalaunan kuring ngalisankeun hiji sajak anu kawentar. “L’hiydre-univers tordant son corps écaillé d’astres.” Cék pangrasa, ku manéhna kalandep. Manéhna malikan ngalisankeun éta sajak, sorana halon bari ngalenyepan kekecapan anu sakitu gugurilapanana.

“Rumasa,” pokna bangun hamham, “teu kaduga nganggit ungkara kawas kitu.”

Nya Victor Hugo anu ngaraketkeun kuring jeung manéhna téh.

Saméméhna, inget ayeuna mah, manéhna mani sumanget nyutat sajak pondok beunang Whitman anu ngedalkeun panineungan nu nyajak kana hiji peuting di basisir basa manéhna keur bungah.

“Whitman miéling éta peuting,” omong kuring, “ku lantaran hayangna kitu, tapi teu kungsi ari kajadian mah. Eta sajak téh karasa galeuhna upama urang ningalina minangka kedaling haté nu keur tibelat, lain sajak nu miang tina nu kungsi kajadian.”

Manéhna nyureng. “Teu wanoh ka nu nyajak ari kitu mah! Piraku Whitman ngabohong.”

Satengah abad téh lain waktu téréh-téréh. Sajeroning uplek ngomongkeun batur, buku-buku nu kungsi kabaca katut pangaresep anu béda, tétéla kuring jeung manehna teu bisa silih lenyepan. Sarua teuing tapi deuih pohara bédana. Kuring jeung manéhna teu bisa dalit, tepi ka hésé ngawangkong téh. Boh kuring boh manéhna pada-pada salinan anu teu sampurna. Kaayaanana téh geus kabina-bina ahéngna tepi ka pamohalan diteruskeun. Boh ngasongkeun saran boh nembrakkeun pamanggih geus taya gunana, ongkoh kalah kumaha baé ogé geus dikadarkeun manéhna kudu jadi kuring.

Bet ras kana pantasi ti Coleridge. Aya lalaki ngimpi lumampah ka sawarga tur di satengahing jalan aya nu méré kembang. Barang hudang, horéng enya aya kembang. Tah siasat kawas kitu nu kapikir téh. “Ké lanan,” cékéng téh. “Boga duit teu?”

“Aya,” walon manéhna. “Mésakan dua puluhan franc mah. Kuring ngondang Simon Jinchlinski pikeun dahar bareng di Crocodile engké peuting.”

“Bejaan Simon baris aya prakték kadokteran di Carouge jeung sing leuwih alus hasilna kituh. Cing sakencring mah.”

Kusiwel manéhna ngaluarkeun tilu kencring duit perak baradag katut nu laleutikna. Teu panjang pikir, song manéhna ngasongkeun récéh lima franc. Kuring ngaluarkeun duit keretas Amérika sababaraha lambar, anu sok sanajan béda-béda hargana ukuranana mah sarua; song dibikeun ka manéhna salambar anu teu pati katara. Manéhna nelek-nelek mani telik.

“Mustahil,” pokna mani curinghak tur nyelengkeung. “Ieu duit téh geuning titimangsana 1964. Aya ku pohara ajaibna nya, éstuning matak hélok ieu mah. Nu nyarakséni Lazarus hudang deui gé tangtu harémengeun.”

Jero pikir, aya nu robah saeutik gé diri kuring jeung manéhna téh. Bilatung buku onaman bisa robah référénsi. Duit keretas téh ku manéhna diképéskeun, kitu deui duit logamna disingkirkeun. Kuring gé hayang ngalungkeun duit logam téa ka walungan. Tikerlepna duit pérak ka jero cai walungan anu pulas pérak tangtu baris méré gambaran anu gugurilapan kana carita kuring, tapi untungna téh henteu nepi ka kitu. Cék kuring ka manéhna, upama hal-ihwal anu sipatna supranatural tepi ka kajadian dua kali, moal matak hélok deui. Kuring ngajak manéhna tepung deui isukna, dina bangku panjang éta kénéh, anu aya dina dua pajamanan tur dua patempatan. Manéhna panujueun pisan tur, bari teu ngilikan arlojina, nyebutkeun geus kalalanjoan. Boh kuring boh manéhna pada-pada akon-akon wungkul, tur pada-pada surti. Kuring nyebutkeun keur nungguan jalma nu geus pasini rék tepung.

“Aya nu rék nepungan akang?” pokna.

“Heueuh. Upama hidep geus saumur akang ayeuna, panon hidep baris bolor méhméhan lolong pisan. Tapi hidep masih kénéh bisa ningali warna konéng jeung cahaya katut kalangkang. Tong leutik haté. Poékeun téténjoan lalaunan mah lain bancang pakéwuh. Teu bina ti sandékala nu lila dina usum halodo.”

Kuring jeung manéhna papisah bari jeung sakali gé teu kungsi sasalaman pisan. Isukna kuring henteu datang deui ka dinya. Kitu deui manéhna pamohalan ka dinya deui.

Réa nu ku kuring diimpleng tina pangalaman harita, anu tepi ka kiwari teu dipatalikeun jeung sasaha. Kuring yakin geus manggihan koncina. Paamprok jonghokna mah nyata, tapi éta nonoman téa keur ngimpi basa manéhna uplek jeung kuring téh, nya ku lantaran kitu manéhna bisa mopohokeun kuring; ari kuring mah ngawangkong jeung manéhna téh dina kaayaan lilir, tur ku kituna nu aya dina panineungan téh terus matak guligah.

Nu lian ngimpi tepung jeung kuring, tapi saenyana mah manéhna téh teu ngimpi-ngimpi teuing. Kaharti ayeuna mah yén manéhna ngimpi tina perkara titimangsa duit dolar téa.

*

Jorge Luis Borges (ngalisankeunana: horhé luis borhés) lahir di Buénos Aires, Argentina, 24 Agustus 1899. Gedé di Eropah, tur ka kolotnakeun sok ngalanglang jagat, kaasup ka Jepang. Ngarang puisi jeung prosa maké basa Spanyol. Tilar dunya di Jenéwa, 14 Juni 1986.

 

 

Kategori
Non Fakta

Ucing Hideung, Edgar Allan Poe

edgar_allan_poe_the_black_cat_by_klarem-d7xjbox

Ieu téh dongéng pangketirna nu rék ditulis ku kuring. Kajadianana di imah. Rék percaya rék henteu éta mah. Ngan mun ség dipikiran, sok asa linglung sorangan. Asa cangcaya ka nu kungsi kaalaman. Boa kuring keur katalimbeng tapi da yakin éta téh lain ngimpi. Isukan téh kuring rék paéh. Tah, ayeuna, kuring rék ngedalkeun eusi haté. Hayang ngiberan ka eusining dunya, perkara kajadian di imah kuring nu matak ngenes téa. Nu ngalantarankeun hirup kuring burakrakan. Cék kuring mah masalahna téh teu pira, tapi matak bangbaungeun.

Ti keur leutik gé kuring mah budak nu nurut jeung gampang kabelejog. Mun aya kahadéan, kalah ka sok asa disapirakeun, aya kalana digeuhgeuykeun ku babaturan ulin. Ari pangaresep téh ngingu sasatoan. Da diwarah ku kolot gé kudu mikanyaah rupaning sasatoan. Nu matak waktu teh sok ampir beak dipaké ngurus ingon-ingon. Taya deui kabungah iwal ti maraban jeung ngurus ingon-ingon téa. Eta kabiasaan teh nepi ka rumaja, malah nepi ka dewasa. Asa sugema migawéna gé.

Kawin mah kawilang ngora kénéh. Aya ku bagja meunangkeun awéwé nu sapangaresep miara sasatoan. Manéhna titén pisan kana ingon-ingon téh. Sok milu nalingakeun deuih. Ari sato nu dipiara ku duaan téh rupa-rupa: manuk, lauk emas, anjing, kelenci, monyét leutik jeung ucing.

Tah, sakadang ucing nu baris ngarobah hirup kuring téh. Eta ucing rupana hideung, lestreng saawak-awak. Buluna teuing ku kéwes, calakan deuih. Cék pamajikan-nu percaya kénéh kana tahayul-ngabéjaan yén ucing hideung téh bisa ngadatangkeun balai. Ucing hideung mah teu béda jeung tukang sihir nu keur mindah rupa. Nyarita kitu téh mania daria naker.

Ucing téh dingaranan Pluto. Sato nu pangdipikaresepna, nepi ka jadi babaturan ulin. Marabanana gé sok ku sorangan wé. Unggal kuring ngajéngkat ucing teh sok mimilu, sakitu geus digebahkeun ngarah teu nuturkeun. Ih, angger wéh ngukuntit ka mana kuring indit.

Sosobatan jeung ucing hideung téh geus lekasan ayeuna mah. Ti saprak kuring jadi gedé ambek. Rumasa deuih, sakapeung mah kalakuan bangun nu taya rasrasan. Unggal poé gawé téh ngan ambek-ambekan, teuing ku naon, da asa cua wé ka batur teh. Ka pamajikan wani nyiksa. Sigana ingon-ingon téh boga rarasaan, nyaho kana robahna tabeat dunungan.

Ingon-ingon téh ditandasa, iwal ti Pluto, ucing hideung téa. Ka Pluto mah bisa kénéh nahan amarah, tara nepi ka nyiksa. Satekah polah éta sato mah henteu sina sanasib jeung sato séjénna. Henteu ditandasa siga ka kelenci, monyét, kitu deui anjing.

Ieu kasakit téh datangna ti saprak kuring sok mabok, nepi ka tara inget nanaon. Pluto geus kolot, tur pamustunganana mah, najan haben ditahan-tahan, éta ucing téh ditandasa. Pluto boa ngarasakeun talajak kuring nu keur unggah adat.

Hiji peuting, balik ka imah bari mabok, tas ti panangkringan di kota. Bet kabayang ucing téh nyingkahan kadatangan kuring. Gentak dirawu, dibarung ku kaseiunna kana paripolah kuring nu taya rasrasan, ngan sakilat ucing téh ngégél leungeun ku huntuna nu ranggéténg. Asa disirekeman ku amarah iblis. Kuring geus teu éling ka diri sorangan.

Teu bina nu kausap sétan, ucing hideung dibabétkeun. Sret nyabut péso tikel tina saku jékét. Ucing dicekelan beuheungna, dicokél panonna. Beungeut euceuy, asa karérab, ngadadak halabhab, ngabirigidig sejeroning nulis ieu dongéng téh.

Isukna, hudang téh bari ngararasakeun sésa pésta tadi peuting. Kahandeueul milu nguniang, asa dosa geus nyieun peta nu matak baluas. Tapi henteu kajongjongan ngumbar kahanjelu, kuring asup deui kana lamunan nu labas. Nginum deui, ngabayangkeun deui naon nu kungsi dipilampah.

Teu lila, ucing hideung téh cageur deui. Kongkolak panonna katénjo kenéh-enya, sidik pisan pikasieuneun teh-da panonna tinggal saésé. Ucing téh ngider ngurilingan imah, kawas sasarina mun panggih jeung kuring sok tuluy kabur, sieuneun. Ngarakacak nénjo kitu mah. Ucing nu geus apét téh bangun nu nyatru. Lila-lila mah jéngkél. Perang-sabil dina haté. Cenah mah saniskara nu ngagolak dina haté téh bisa ngajurung manusa pikeun ngawasa dirina sorangan.

Enya geuning kaalaman pisan. Hiji mangsa isuk-isuk, basa hawa keur meujeuhna nyecep, ucing téh ditalian beuheungna. Tuluy digantung dina tangkal. Ngagantung ucing téh bari merebey juuh cimata. Kahandeueul nyelek dina tikoro. Ngagantung éta ucing, lantaran nyaho manéhna téh nyaaheun pisan ka kuring. Kuring rumasa dosa.

Peutingna, saré téh kagaweruhkeun nu tulung-tulungan. Kahuruan geuning. Rérégan karérab, imah ngabebela. Kuring, pamajikan jeung badéga jlung-jleng laluncatan kaluar. Lebur. Banda kuring béak.

Ngadadak lungsé saawak-awak, bari angger hémeng naha bet kajadian siga kitu. Antara musibah jeung kakejeman, naha aya patula-patalina.

Isukna, imah nu geus kahuru téh ditengetan deui. Geus lebur, iwal ti hiji témbok nu ngajega keneh téh. Témbok lebah kamar kuring. Katémbong réa jelema ngagimbung di dinya. Kadéngé sorana patinggerendeng.

“Anéh, euy!”

“Enya, teu ngarti déwék gé!”

Kuring panasaran. Gentak nyampeurkeun. Barang bréh, gebeg téh. Ditelek-telek, siga aya ukiran ucing dina témbok téh. Beuheungna ditalian. Rasa keueung nyaksrak saawak-awak. Rénjang deui. Apan éta ucing teh geus dipaéhan di kebon deukeut wates imah. Basa kahuruan di kebon mani ramé ku jelema, di antarana meureun aya nu ngudar ucing tina tangkal, terus dialungkeun ka lebah jandela kamar. Terus géhéng dirérab seuneu. Boa éta nu ngageuingkeun kuring gé.

Meunang sabulan teu bisa mopohokeun ucing hideung. Asa nutur-nutur. Asa ngajungjurigan. Asa hanjelu kabina-bina.

Nepi ka hiji peuting, basa kuring keur ngadaweung, rentang-rentang aya nu nyurungkuy hideung, siga hulu babi. Basa disidik-sidik bari dideukeutan, geuningan ucing hideung. Gedéna sarua jeung Pluto. Buluna gé sarua deuih. Ngan nu ieu mah bodas lebah dadana.

Basa dicampaan, ucing téh kalah ka ngarontok, ngoét leungeun terus nyingkah. Ngan basa kuring rék balik ka imah, ucing téh nuturkeun. Diantep wé mimitina mah. Tapi teu burung diparaban siga sasari. Pamajikan mah resepeun pisan. Ucing dinangna-néngé. Lah, kuring mah teu pati resep. Eta pédah sok ngarontok, siga nu ijid ka kuring téh. Tungtungna jadi malik rujit. Ari pikasebeleunana, mun dideukeutan kalah ngajauhan, tapi sok nutur-nutur waé. Ras ka Pluto. Nyobaan nahan amarah. Piraku kudu digantung deui mah.

Eta deuih, ucing téh ku réa ceta. Mun kuring rék diuk dina korsi, gék téh miheulaan. Sakapeung cicing dina tuur. Mun keur leumpang, da mani muih atuh, nuturkeun di antara lolongkrang suku. Leumpang laun, milu laun. Leumpang gancang, milu  gancang. Untung bisa kénéh meper napsu. Karep mah mani hayang ngababetkeun. Eta deuih, ucing téh sok ngondang lamunan pikaketireun. Teu karuh-karuh kuring jol inget kana tihang gantungan. Nu matak rék teu cua kumaha atuh.

Hiji mangsa, kuring jeung pamajikan indit deui ka ruruntuk imah nu baheula kahuruan. Ucing nuturkeun, atuh ngaléngkah téh mani asa pabeulit jeung hulu ucing. Nyel ambek, asa dioconan. Kop kana kampak. Dipodaran siah ku aing!

Ku teu nyangka, pamajikan bet ngahalangan. Amarah teu kawadahan. Kampak diheumbatkeun. Ceplas, nenggel pisan kana… sirah pamajikan. Uteukna mancawura. Jep jempling, teu kécét-kécét. Maot harita kénéh.

Kajadian rajapati téh kudu dibuni-buni. Sabab hiji mangsa mah tangtu kanyahoan ku balaréa. Enya, kumaha mindahkeunana ngarah teu kanyahoan. Kolébat meunang ilham, dicacag we sakalian, tuluy diduruk. Atawa mending nyieun liang di gudang kitu, dikubur di dinya. Dialungkeun ka sumur gé naon héséna, atawa dibulen ku kardus terus nitah jelema pikeun nyingkahkeunana. Pamustunganana mah, mayit téh rék diruang dina témbok di gudang.

Pan di gudang aya témbok nu teu pati weweg plésteranana. Hawana ngelekeb deuih. Mun téa mah lebah témbok rada muncugug, keun wé da moal aya nu nyangka di jerona aya mayit. Ka luhurna pan aya liang pamiceunan haseup.

Cék angkeuhan, kitu peta teh baris bisa macikeuh nu lian. Ku papakas nu nyampak di gudang, asa énténg ari ukur ngadungkar bata mah, ngasupkeun mayit, terus dipléster deui siga méméhna. Kapalang ngésang, témbok séjénna gé dibébérés deui. Ngarah henteu katémbong yén di jero témbok téh aya mayit. Runtah jeung betrak-betruk urut némbok dibérésan. Geus kitu luak-lieuk bari gegerendeng sorangan: “Teu burung anggeus geuning.”

Geus kitu kuring néangan ucing pikasebeleun nu jadi bibit-buit rajapati. Dipaéhan ku aing mah. Kapanggih, kapanggihna mah. Ngan asa teu ngaganggu ayeuna mah. Padahal eta mahluk teh bisa ngondang rupa-rupa kajahatan-tur kaalaman pisan.

Dua poé, tilu poé, tapi amarah kuring téh teu bijil waé. Laluasa meureun ayeuna mah. Béda jeung ti heula asa teu weléh dijungjurgan. Kuring geus bisa ngawasa diri sorangan. Teu kaganggu ku bangbaluh. Mun téa mah aya pamariksaan, kuring geus nyiapkeun jawabanana.

Enya wé, poé kaopat, sabubuhan pulisi datang ka imah. Kuring ditanya, mani tetelepék pisan. Mimitinan mah bingung.Komo basa pulisi ngajak maturan néangan mah. Tapi terus neger-neger manéh. Sakuliah imah dipariksa gemet naker. Teu ieuh ngadégdég. Jajantung gé ratugna henteu ngerepan. Siga sasarina wé. Api-api teu boga dosa.

Imah geus kaubek. Kuring leuleumpangan bari nangkeup harigu. Pulisi gé tayohna geus sugema ku pamariksaanana, da terus tatan-tatan siga rék indit. Teu ku hanteu, kuring teu bisa nahan kabungah.

“Juragan!” pok teh gegeroan. Pulisi ngarandeg. Terus ngalalieuk. “Aya nu bingah tos tiasa ngaleungitkeun kacurigaan Juragan. Kahoyong mah Juragan téh sing saréhat tur angger dipikahormat. Ké sakedap, bilih palay nguningaan rorompok? Geura, aya ku weweg. Tuh, katingali pan témbokna? Narapel pageuh naker.”

Terus leuleumpangan mapay lulurung gudang. Barang jog ka lebah kuburan pamajikan, kuring ngetrokan témbok ku iteuk hoé. Nu kasawang di jero témbok aya waruga nangtung ngabalegedeg.

Simpé. Ngan ti jero témbok ujug-ujug kadéngé sora budak jejeritan. Mimitina sada nu ingsreuk-ingsreukan, nyegruk ceurik, terus jejeritan lila naker. Bet kawas lain sora manusa, bangun nu ngagerem, siga karohakaan nu bijil ti naraka, ngocor tina tikoro manusa nu dicekék ku kanyeri. Sétan-sétan nu dila’nat surak ambal-ambalan.

Lebah dieu belegugna kuring téh, bet kudu nyarita kitu sagala rupa. Leng asa rék kapiuhan, ngajurahroh kana lebah témbok. Salosin botol inuman, pipilueun nyieun liang. Bréh, di jero témbok aya nu ajeg nangtung. Mayit nu geus bilatungan, dibuntel ku getih kintel, dironghok ku nu lalajo. Biwirna calangap, dina sirahna aya mahluk anéh nu matana hurung ngempur. Siga sato nu teu weléh nuyun kana rajapati tur nyérénkeun kuring ka logojo. Kuring geus boga témbok rohaka di jero kuburan.

***

edgar allan poe

Edgar Allan Poe (1809-1849) teh pangarang pituin Boston kakoncora nu ngamimitian nulis carpon dina kasusastraan Amerika. Boga pangaweruh gede pikeun carita misteri jeung detektif.

Ucing Hideung (The Black Cat) nyaeta carpon nu dipedalkeun dina taun 1843. Ayeuna dicaritakeun deui ku Yuliana Mustofa dina Majalah Cupumanik no 36/2006.