tali tambang bunuh diri

Carpon Terjemahan Sunda: “Tali” Karya Charles Baudelaire

“Téténjoan mah,” cék babaturan, “sigana hamo kabilang cara rupaning hubungan ti antara papada manusa, atawa hubungan manusa jeung naon baé. Mun téténjoan, dina harti nu ngajirim atawa nu nyata di luareun diri urang, les ilang, urang sok ngarasa hémeng, tagiwur antara handeueul alatan nu ngajirim ngiles kitu baé, jeung reuwas alatan baris pinanggih jeung nu anyar, nu enya-enya nyata. Tapi aya hiji hal nu pohara écésna, déét, teu weléh sarua tur hamo nimbulkeun salah harti, nyaéta kanyaah indung. Teu kacipta aya indung teu boga kanyaah, lir seuneu teu panas. Tétéla, pan, yén pohara benerna mun urang matalikeun sakur laku lampah katut kekecapan hiji indung kana kanyaah indung, paling copélna ka nu jadi anak? Tapi pék regepkeun ieu carita pondok, ngeunaan hiji mangsa nalika déwék éstuning kabandang ku hiji téténjoan nu pohara lumrahna.

Read more

Ucing Hideung, Edgar Allan Poe

Ieu téh dongéng pangketirna nu rék ditulis ku kuring. Kajadianana di imah. Rék percaya rék henteu éta mah. Ngan mun ség dipikiran, sok asa linglung sorangan. Asa cangcaya ka nu kungsi kaalaman. Boa kuring keur katalimbeng tapi da yakin éta téh lain ngimpi. Isukan téh kuring rék paéh. Tah, ayeuna, kuring rék ngedalkeun eusi haté. … Read more

bocah bandung cikapundung

Basa Budak

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 17 (Desember 2004)

Dina basa Sunda aya nu disebut basa budak, nyaéta sawatara kecap anu biasa digunakeun ku budak, atawa ku kolot ari nyarita jeung budak anu nyaritana tacan bener, upamana “emam”, “mamam” (dahar, neda, tuang), “ibak”, “papung” (mandi, siram), “papang”, “pipis” (kiih, kahampangan), “bobo” (saré, mondok, kulem), “eu-eu”, “emuh” (nginum, ngaleueut), “acuk” (baju, raksukan), “enen” (nyusu), jeung sawatara kecap deui. Biasana basa budak mah ngan anu patali jeung kahirupan budak leutik baé.

Read more

naruto sunda

Kecap-Kecap Lemes Anyar

Ku Ajip Rosidi, éséy dina Cupumanik No. 18 (Januari 2005)

Ku sabab kapangaruhan ku alam pikiran undak-usuk basa, nyaéta ngarasa kudu nyarita ku basa lemes, tanda ngahormat ka nu diajak nyarita, sok timbul kecap-kecap anyar anu ku nu mimiti ngagunakeunana disangka kecap lemes.

Baheula kungsi aya nu ngagunakeun kecap “supanten” (maksudna lemesna tina “supaya”), “pribados” (lemesna tina “pribadi” kecap gaganti jalma nu kahiji), “nyondong” (lemesna tina “aya”), “saalit” (lemesna tina “saeutik”), malah ngaran tempat gé sok dilemeskeun upamana Majalengka jadi Maoslengka, Jatiwangi jadi Jatoswangi, jsb.

Read more

mangle vs elle

Ngariksa Majalah Sunda

Lamun sakirana kuring diamanahkeun pikeun jadi pamingpin redaksi majalah Sunda, nu kahiji bakal kuring titénan ngeunaan tampilan visualna. Enya, da dina kaayaan bangsa nu horéam ngaos bacaan mah, nu diheulakeun téh visual kadituna kontén. Pamadegan ieu lahir kalayan pangalaman kuring ngasuh majalah kampus 3 taunan.

Ngeunaan majalah Sunda, dina éséy ‘Budaya Sunda Posmo‘ nu diserat Yasraf Amir Piliang ti Cupumanik edisi Maret 2008, ditegeskeun ngeunaan pentingna barudak ngora pikeun jadi lalakon ngamekarkeun kabudayaan Sunda. Tatar Sunda, babakuna Bandung, kawéntar minangka wewengkon nu beunghar ku modal budaya (cultural capital). Modal budayana teh antarana barudak ngora nu jiwana rancagé tur mampuh naratas eksprési budaya katut rupaning karya nu inovatif. Ngahasilkeun ajen-inajen anyar tur motekar, bari teu ninggalkeun identitas kasundaan.

Read more