ridwan hutagalung – Kearipan https://www.kearipan.com Jurnal otaku, bacot pop culture dan segala yang tak usai. Sat, 21 Aug 2021 13:25:50 +0000 id hourly 1 https://wordpress.org/?v=6.5.2 https://i0.wp.com/www.kearipan.com/wp-content/uploads/2020/10/cropped-arip-favicon-1.jpg?fit=32%2C32&ssl=1 ridwan hutagalung – Kearipan https://www.kearipan.com 32 32 183987870 Komunitas Aleut: Mikawanoh Bandung, Mikawanoh Maneh https://www.kearipan.com/komunitas-aleut-mikawanoh-bandung-mikawanoh-maneh/ https://www.kearipan.com/komunitas-aleut-mikawanoh-bandung-mikawanoh-maneh/#comments Wed, 20 May 2015 14:32:20 +0000 http://arifabdurahman.com/?p=5528 Utamana jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih nitipkeunna diri, budi akal lantaran tipada jalma. Kapan ogé lain ari nu ngarana silaturahmi téh bakal manjangkeun rezeki jeung manjangkeun umur. Aya deui hiji mangpaat ceuk sobat kuring mah, “loba ngilu komunitas, bakal ngabuka loba panto ogé pikeun beubeunangan”.

komunitas aleut ngaleut

Enya da gening karumasaan yén manusa mah teu bisa kukumaha di alam dunya téh lamun taya batur pakumaha. Apan hiji tugas manusia di dunya mah kudu ngajadikeun diri anu manfaat boh keur sorangan boh keur batur. Tah pikeun nyieun kahadean téh hese mun migawe sosorangan mah, da estu kawengku ku kawates diri salaku manusa jeung salaku dirina pribadi. Gawe babarengan liwat komunitas solusina.

Aya meureun sataunan ieu kuring getol ngilu kagiatan nu diayakeun Komunitas Aleut! Hiji komunitas pikeun niténan ngeunaan Bandung, hususna dina widang sajarahna. Sapertos nu kacatut dina ngaran komunitasna, nya kagiatan utamana ngaleut. Konsep leleumpangan pikeun nalungtik turta mikawanoh sejarah hiji daerah emang jadi metode nu pangbenerna, diterangkeun ku A.L. Rowse dina bukuna “The Use of History”.

| Yes we were lost in our hometown. – Tigapagi

Ah gening kuring masih boloho ngeunaan dayeuh Bandung teh. Kumaha rék mikacinta lamun can wawuh bener-bener mah.

Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke. Aya baheula aya ayeuna. Mun taya baheula moal aya ayeuna. Lantaran aya mangsa bihari aya mangsa kiwari. Ari alatan kudu nyaho kana sajarah nu geus karandapan di mangsa katukang mah keur pieunteungeun. Eta kanggo bekel urang kiwari dina nganci mangsa nu rek kasorang.

‘Sesi Sharing‘ Jadi Pepeling

Lamun beres kagiatan ngaleut unggal poe Ahad téh sok dipungkas ku ‘sesi sharing’. Nyaeta unggal peserta nyarita ngeunaan naon waé nu kapendak pas ngaleut. Biasana tina caritaan maranehna téh sok kuring jadikeun bahan seratan. Tibatan ngomong, kuring mah leuwih resep ngabandungan batur. Ari dina basa Psikologina mah kuring teh disebut introvert tea geuning.

kamisan komunitas aleut
Kamisan di Kedai Preanger

‘Sesi Sharing’ ogé aya dina Kamisan. Ngawangkong nu diayakeun unggal poe Kémis pikeun ngabahas sagala rupa, nu pasti mah aya ngabadamikeun ngeunaan ngaleut pas poe Ahad kaengkenakeun. Kamisan ieu bisa disebut “Think Tank”-na Komunitas Aleut.

Katarik Ati Kagendang Asmara

Enya bener, keur aya nu dipikabogoh ku kuring gara-gara Komunitas Aleut!

Kuring jadi resep kana elmu humaniora, elmu pangaweruh pikeun ngamanusakeun manusa. Ari ngeunaan beubeunangan mah can aya nu kabetrik, wanoja tangtuna. Tapi kudu husnudzon jeung istiqomah weh da saur salah sahiji ajengan Aleut ge “Hidup itu modus”.

Masih aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, nu kudu geura ditaluktik ti kiwari sarta kudu gancang dikotektak ti ayeuna. Da perkara jodo, pati, bagja, jeung cilaka mah aya dina kakawasaan Gusti Alloh. Nya mugia weh kuring teu diasupkeun kana golongan ‘jaga siki’, tarekat jomblo watir. Ah mun teu beubeunangan wae mah kaluar wae kitu?

]]>
https://www.kearipan.com/komunitas-aleut-mikawanoh-bandung-mikawanoh-maneh/feed/ 21 5528