Karunya ka urang kidul téh, sok waas nasibna. Contona éta wéh ningan matak aya nu ngarana Konpérénsi Asia-Afrika téh da maranehna kaasup bangsa nu palih kidul. Nagara-nagara nu hirupna malarat, kasiksa ku bangsa nu ti kaler.
Kitu deui kuring nu urang Bandung kidul. Aya rasa timbulu lamun ngabandingkeun jeung Bandung belah kaler téh. Taman Balaikota, Taman Lalu Lintas, Taman Film, Tamansari, Saritem, Derentén, Unpad DU, ITHB, Ciwalk, Dago Tea House, jeung tempat-tempat alus lianna pabalatak di belah kaler. Nu kidul mah ngan panyesaan; Lapang Tegallega.
Duh Gusti, ni peurih cocobi urang kidul teh. Duh Gusti meni kudu Tegallega.
Ongkohna Tegallega, tapi lega palebah mana? Bandung heurin ku tangtung, Tegallega mah heurin ku kutang. Eh ku nu dagang maksudna. Enya sok wéh cobaan jalan-jalan, kudu pasesedek jeung nu barang dagang barang hakan. Ieu téh kumargi PKL nu ngaheurinan Jalan Otista dieurihkeun asup ka Tegallega. Nya kaayaan ayeuna mah jadi sareukseuk.
| Aos: Historia.id – Mula Pedagang Kaki Lima
Geuning ti mangsa kumpeni, PKL téh geus jadi pimasalaheun. Tapi sabenerna balik deui ka cara pandang urang, anggap PKL teh hiji kaunikan lain masalah. Tiron Hongkong atawa Bangkong geura.

Enya, kuring wani nyieun fatwa yen PKL téh lain masalah! Teu nanaon heurin ku cangcut kutang gé, nu jadi masalahna mah ngeunaan pengelolaan. Nya kabeh masalah di dunya mah emang sabab musabab tina salah kelola jeung paripolah salah jelema.
Tah kukituna, saminimal-minimalna nu bisa ku urang lakukeun mah nyaeta ngajaga kabersihan. Cing tong miceun runtah dimana wae. Hiji paripolah goreng nu hese dirobah emang.
Ari saran ka pamarentah mah kuring ngusulkeun dijieun ‘design’ ngeunaan panempatan nu dagang di Tegallega, misalna nu jualan anggoan dimana, nu jualan kadaharan dimana. Sadiakeun suhunan nu sarua keur nu daragang, ngarah ngeunah ditinggalna, komo misalna mun warna kayas. Terus mun bisa mah ayakeun pelatihan, ngeunaan marketing misalna, kanu daragang teh, meh maranehna motekar, barang dagangan bisa variatif. Kan ieu ge pikeun kasajahteraan nu daragang. Sok weh ieu mah pinter-pinter nu bagean dina urusan pariwisata.
Oh enya, kahayang kuring mah Tegallega dipelakan deui ku rupa-rupa tatangkalan. Rada ditambahan deui. Nu pas mah lain ngan saukur dipelak terus diculkeun.
Manuk hiber ku jangjangna, jelema hirup ku akalna. Hayu ah marikir kudu kumaha ambeh Bandung, hususna Tegallega bisa heurin teh ku tatangkalan. Tong ngan dipake keur mikiran kutang jeung hutang hungkul tah akal pipikiran teh. Cag ah!
rooming….
Contona mungkin maksudnya Cantona kai ya.
>.<
Contona = contohnya.
*brb buka kamus bahasa sundah dulu* XD
Lier nempoken na geh…
Tundukan pandangan berarti mang. 😀
masalahna mah kabeh leutik, ngan kaciri gede teh kusabab jalmina teu paduli..
Sampah mah lain masalah, teu padulina eta nu masalah..
kecil sih, tpi pedes.. (Seperti …) 😀
Pinter euy ajengan Amin teh, pedes siga swike diladaan. 😆
sayang ga ada versi Bahasa Indonesia.
Bahasa Sunda aku masih terbatas ><
Enya bener pisan euy. Mun ka Bandun terus ngalewat Tegalega teh sok asa di mana. Beda jeung mun ningali alun-alun anu ayeuna. Nya meskipun basa eta ge akur wae pabalatak anu lah itu lah. Mudah-mudahan bisa mapay rapihna nepi ka Tegalega.
Keren euy aya segemen #ReboNyunda di Blogna. Heueheue
Salam ti Blogger Tasik, a. Indra Permana 😀
Muhun rada sareukseuk ninggalna, mugia Bandung kidul ge tiasa langkung endah.
Nah.. Kelemahan nih kalok ketemu pasar, apalagi yang jual baju-baju lucu, jiwa buyer ku keluar.. 😛 Plus lagi traveling, duh kayaknya pengen diborong semua 😀
hadeeeuh, roaming ane kagak ngerti
ceritanya tentang apa nih gan? ane taunya cuma kata2 kancut sama kutangnya doank 😀
Ya emang soal kancut sama kutang.:lol:
Mun dipikir pikir mah da Indonesia teh jiga Jepang di jaman penjajahan ngan leuwih euweuh kaera da buang sampahna di mana wae. Euh, geus mah Jepang jaman penjajahan, leuwih butut deuih. Sok hayang apal kumaha carana ambeh (lain ngan Bandung wungkul) Indonesia ge bisa nyusul maju sapertos negara sanes.
Kesadaran masyarakatnya masih kurang :’)
Kudu dibom atom heula siga Jepang, meureun tiasa rubah mentalitasna.
Emang asyik itu Bandung beulah kalerna, geus Tegal lega deuinya, mana heurin ku Cangcut nu pabalatak dimamana, mani riweuh pisan atuh Kang ah, pindah wae ka Kuningan sok lah packing ti ayeuna.. haha..
Ah Bandung kidul lemah cai kuring, kudu dipikanyaah. Lamun di dieu tos seueup mojang nu tiasa dijadikeun istri nya hijrah weh ka Kuningan sigana.
kamuus mana kamuuus? 😀
Buka google translate.
[…] Tautan asli: http://arifabdurahman.com/2015/05/06/tegallega-heurin-ku-cangcut-kutang/ […]
Saya minta bantuan teman saya yang native speaker untuk menerjemahkan ini :haha. Teman saya juga mengalami masalah serupa, lapangan tempatnya berolahraga sudah jadi tempat pedagang kaki lima yang padat jadi dia tidak bisa olahraga lagi. Yah, semoga penataan PKL di sana bisa jadi lebih baik, dan bagian selatan tidak lagi menjadi bayang-bayang dari bagian utara kota yang lebih termashyur.
tapi da alhamduliillah ayeuna mh sae katingalna ge kota bandung teh..nya ge can sadayana…
Judulnya bikin nyengir, pas banyak makin nyengir. Iya juga sih, ya. PKL itu oke kok, asal ditata sing bener we lah ambeh teu katingal awon. Sarekseuk soalna. Hahahaha.