Idul Fitri atau dikenal juga sebagai Lebaran jatuh pada 1 Syawal pada penanggalan Hijriah. Pada hari itu, umat Muslim merayakan hari kemenangan, setelah sebulan penuh menjalankan ibadah puasa.
Lebaran identik dengan momen penuh kegembiraan, lazimnya dimanfaatkan untuk saling memaafkan sekaligus menyambung silaturahmi dengan keluarga dan kerabat.
Dalam tradisi Sunda, Idul Fitri atau Lebaran ini dikenal juga dengan sebutan boboran siam.
Nah, berikut ucapan Idul Fitri bahasa Sunda yang bisa jadi inspirasi sekaligus mempererat silaturahmi.
“Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran Siam! Neda hapunten tina samudaya kalepatan, lahir sinareng batin.”
“Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipilampah. Wilujeng boboran Siam 1443 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.”
“Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam.”
“Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Siam 1443 H. Taqobalallahu minaa waminkum.”
“Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari.”
“Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam.”
“Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.”
“Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam.”
“Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.”
“Bilih kantos kasisit kana ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran.”
“Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Neda sihapunten”
“Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Siam 1443 H. Taqqobalallahu minaa waminkum.”