Ulin Jarambah

ulin jarambah

“Omat ulah ulin di ranjฤ›ng, aya jurig samak!”

Aya wฤ›h kolot baheula mah, nyaram barudakna tฤ›h jeung mamawa lelembut sagala. Tapi da ari budak mah nya langsung ngabuligirkeun maneh tinggal salฤ›mpak pas nempo ranjฤ›ng tฤ›h. Paduli teuing rฤ›k diculik ku jurig samak ge, nu penting mah bisa guyang jeung munding.

Ah asa resep ngabayangkeun pas masih lehoan keneh tฤ›h, kasusah hirup sigana ngan ukur pelajaran Matฤ›matika. Masih bisa ngalaman ulin jarambah sapertos nu dicaritakeun Us Tiarsa dina “Basa Bandung Halimun”. Pedah ari kuring mah ulin jarambahna di lembur, lain orang Kota.ย Kuring jadi mikir ari barudak zaman kiwari masih ngalaman teu nya?

ulin jarambah cikapundung

Dua poฤ›nakeun ka acara puncak Konperensi Asia-Afrika, kuring ngider mapay Cikapundung. Caritana mah keur jadi “jurnalis kajajaden” pikeun Komunitas Aleut. Lelempangan kaditu-kadieu siga nu enya, padahal mah gudag-gidig euweuh gadag.

Tah pas di Jalan Cikapundung Barat, kuring papanggih barudak nu keur ngaheureuyan kirik. Ngarana gฤ› anjing, sanajan leutik keneh gฤ› pasti ngabeurik atuh ari digorowokan mah. Eh kuring nu keur popotoan ge ngilu dibeurik si anying teh. Tapi untungna mah ahirna kuring seuseurian jeung barudak nu tadi da ningan kirikna rogฤ›s, can bisaeun ngegฤ›l. ๐Ÿ˜†

hansip konperensi asia afrika 2015

Poean Konpฤ›rฤ›nsi Asia-Afrika, nincak ka beurang, kuring milari masjid pikeun Jumaahan. Hayangna mah bisa Jumaahan samasjid sareng presiden sorangan, tapi da kumaha sanajan pada-pada sarua jelema gฤ› teu bisa ning. Pulisi jeung tentara rajeg. Ti kajauhan rฤ›a pisan nu marawa bedil. Wayahna teu bisa asup Masjid Raya. Tah ku hansip tadi diarahkeun bras ka Gang Apandi.

Pas leumpang di sajajalan gang, aya nu ngagero. Eh barudak nu kamari ulin di sisi Cikapundung masih inget kuring.

jarambah jepret

Tustel nu masih kฤ›neh make roll film dijepretkeun nepi ka beakna. Kamera DSLR dicocoa, hape kuring ge sarua. Kuring mah ngantepkeun weh, atuh da ninggali maranehna bungah kitu.

Sanggeus sholat Jumah, kuring ngajak barudak “hunting foto”. Biar kekinian gituh. Kuring mah nuturkeun maranehna wฤ›h, hayang ngasaan jadi budak deui. Ngobrol itu-ieu, nu paling resep mah pas ngabahas ngeunaan Naruto. Atuh jadi inget da mimiti lalajo kartun ieu tฤ›h pas masih sagede maranฤ›hna, ayeuna geus mahasiswa semester ahir masih keneh kuring teu bosen ngalalajoanan eta si Naruto.

Kaluar ti Jalan Braga, leumpang terus ngaliwatan Viaduct, norobos Jalan ABC, bijil-bijil ti Pasar Baru. Kuring nanyakeun bisi maranehna cape geus leuleumpangan jauh, papanasan deuih. Ari sabenerna mah kuring nu ngarasa cape tฤ›h.

“Ah tos biasa ameng jauh da a,” waler maranehna.

Dicaritakeun maranehna sok leuleumpangan, ulin sasab, ari pangjauhna teh cenah mah nepi ka Dago. Oh masih aya gening ulin jarambah teh. Tapi ari ngojay di walungan Cikapundung mah can pernah ceunah, lain sieun ku jurig samak, tapi sieun kabawa palid jeung runtah keresek.

32 pemikiran pada “Ulin Jarambah”

  1. Wah, resep blogna ngangge basa sunda. Pertahankeun! Tos lami hese mendakan seratan basa sunda teh ๐Ÿ˜€

    Tp resep sigana nya ninggal konferensi ti kacaketan. Abdimah mung tiasa ningal ti katebihan wae di tipi.

    Balas
      • Leres pisan. pertahankeun! Abdi ge sok karaos “nge-lag” heula, tos hese nyariosna ge, kedah diemutan lami istilah2na. Abdi ge janten hoyong ngadamel seratan basa sunda, meski ripuh pisan basa sunda na ge >_<

        Balas
  2. Aduh, saya minta bantuan teman saya dulu untuk menerjemahkan postingan ini. Namun demikian, foto-fotonya ciamik! Paling suka dengan foto anak kecil yang juga sedang memotret–ada Cony menumpang mejeng di kameranya!

    Balas
    • Antusias banget baru pegang kamera lawas, tapi masalahnya masih ada klise di dalamnya, dan mereka pake sampe habis. Ga bawa cadangan lagi.

      Balas
      • Mungkin itulah seninya kamera analog: bagaimana dengan keterbatasan sumber daya bisa menghasilkan gambar yang sempurna :hehe.

        Balas
  3. Naruto mah tontonan semua umur, malah bisa dibilang kartun dewasa.
    Epic geuning photo hansipna.. #soknyunda ๐Ÿ˜€ make kamera naon eta fotona kang?

    Balas

Tinggalkan komentar